Sisindiran di bagi kana 3 rupa:
1.Wawangsalan
Wawangsalan ampir sarua jeung tatarucingan, eusi/wangsal na nyamuni dina padalisan/baris kadua. Resep sok pasambung-sambung nepi ka ngarébu, kalan-kalan leuwih, eusi wawangsalan dijieun kecap di padalisan kahiji.
Papagona:
Dua padalisan/jajar, (8) dalapan éngang/suku kata, eusi padalisan kadua ngandung piwuruk, jeung silih asih.
Conto: Jalmi ka hiji : Belut sisit saba darat
Kapiraray siang wengi
Wangsal na ORAY
Padalisan kahiji mangrupakeun tatarucingan na, belut sisit saba darat = Anu jiga belut sisitan sok kadarat naon?
Eusi/wangsal, nyamuni dina padalisan kadua aya kecap 'ray' dina padalisan kadua jadi wangsal na ORAY wawangsalan mah sok silih tema/sambung ku jalmi kadua jeung saterus na.
Conto: Jalmi kadua: ORAY matih di India
Teu tibra emut salira
Oray matih di India anu terkenal, naon? eusi/wangsal/jawaban nyamuni dina kecap padalisan kadua 'Teu tibra émut salira' aya kecap BRA, geus pasti wangsalna téh Oray kobra/ KOBRA.
Jalmi katilu kudu nyieun wawangsalan kecap dina padalisan kahiji na make KOBRA, terus patema-tema jeung jalmi salajeng na.
2. Rarakitan
Nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
Simkuring mah upami ngadamel Rarakitan boh Paparikan sok ngadamel eusi heula, kakara milarian cangkang na.
1.
2.
3. Béak kopi euweuh udud
4. Rék meuli euweuh duit na
Cangkang padalisan kahiji bisa maké kecap
1 ..... topi ..... jamedud
2 ..... kuli ..... calana
Maké topi tong jamedud
Gawé kuli dicalana
Béak kopi euweuh udud
Rék meuli euweuh duit na
Cikan tah, pecakan. téangan kecap séjén anu pas keur cangkan na.
Lamun keyeng tangtu pareng, sok ah!

Nyaéta salasahiji wanda sisindiran
anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada
papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung
eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal
padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran
mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah
engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan
dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung
satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku
opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
3. Paparikan
- Mihapé sisir jeung minyak,
- kadé kaancloman leungeun.
- Mihapé pikir jeung niat,
- kadé kaangsonan deungeun.
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
- Sapanjang jalan Soréang,
- moal weléh diaspalan.
- Sapanjang tacan kasorang,
- moal weléh diakalan.
- Sing getol nginum jajamu,
- nu guna nguatkeun urat.
- Sing getol neangan élmu,
- nu guna dunya ahérat.
- Rarasaan ngala mayang,
- teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
- Rarasaan konéng umyang,
- teu nyaho cakeutreuk hideung.
3. Paparikan
Nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
- Boboko ragrag di imah,
- Ninggang kana pileuiteun
- Mun bogoh montong ka sémah
- Ari anggang sok leungiteun.