Sunday, June 15, 2014

Naek beus balik sakola
Sumanget aya neng lola
Lamun geus lalajo bola
Teu inget kana sagala

Aya suling dina karpet
kapiting teu dicalana
Kajeun teuing dompet lepet
Nu penting loba eusina

Daun hiris deukeut garduh
Ngarebab make aseupan
Hawa tiris henteu tunduh
Kusabab hayang ngeukeupan

Baturmah buah diala
Ieumah kalah ditunda
Baturmah lalajo bola
Ieumah kalah ngaronda


Heuheu, lalajo piala dunia pere ah ngaronda na oge kuring mah...

Thursday, June 12, 2014

Daun enteh daun jaat
Nempel dina tangkal pulus
Hujan teh teu raat-raat
Rek apel jadi teu tulus

Meuli bawang mawa keris
Meuli botan diwadahan
Muriang paranas tiris
Alatan tacan gajihan

Sangu gigih dina wilis
Aya hurang sisi jalan
Mun panggih eujeung nu geulis
Sok hayang tuluy kenalan

Duit beureum gambar susan
Meuli sampo teu dibikeun
Pareum lampu lila pisan
Teu katempo rek ngasupkeun

Saturday, February 9, 2013

Sisindiran di bagi kana 3 rupa:

1.Wawangsalan 

Wawangsalan ampir sarua jeung tatarucingan, eusi/wangsal na nyamuni dina padalisan/baris kadua. Resep sok pasambung-sambung nepi ka ngarébu, kalan-kalan leuwih, eusi wawangsalan dijieun kecap di padalisan kahiji.
Papagona:
Dua padalisan/jajar, (8) dalapan éngang/suku kata, eusi padalisan kadua ngandung piwuruk, jeung silih asih. 

Conto: Jalmi ka hiji : Belut sisit saba darat
                                     Kapiraray siang wengi
                                     Wangsal na ORAY
Padalisan kahiji mangrupakeun tatarucingan na, belut sisit saba darat = Anu jiga belut sisitan sok kadarat naon?
Eusi/wangsal, nyamuni dina padalisan kadua aya kecap 'ray' dina padalisan kadua jadi wangsal na ORAY wawangsalan mah sok silih tema/sambung ku jalmi kadua jeung saterus na.

Conto: Jalmi kadua: ORAY matih di India
                                     Teu tibra emut salira

Oray matih di India anu terkenal, naon? eusi/wangsal/jawaban nyamuni dina kecap padalisan kadua 'Teu tibra émut salira' aya kecap BRA, geus pasti wangsalna téh Oray kobra/ KOBRA.

Jalmi katilu kudu nyieun wawangsalan kecap dina padalisan kahiji na make KOBRA, terus patema-tema jeung jalmi salajeng na.


2. Rarakitan

Nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:
Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:
Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.

3. Paparikan

Nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

Simkuring mah upami ngadamel Rarakitan boh Paparikan sok ngadamel eusi heula, kakara milarian cangkang na.

1.
2.
3. Béak kopi euweuh udud
4. Rék meuli euweuh duit na

Cangkang padalisan kahiji bisa maké kecap
1 ..... topi ..... jamedud
2 ..... kuli ..... calana

Maké topi tong jamedud
Gawé kuli dicalana
Béak kopi euweuh udud
Rék meuli euweuh duit na

Cikan tah, pecakan. téangan kecap séjén anu pas keur cangkan na.
 Lamun keyeng tangtu pareng, sok ah!

Sunday, July 29, 2012

Kota cikijing tinggurilap
Panangan seu'eur tatoan
Enjing-enjing kade hilap
Patuangan di eusian

Meuli su'uk eujeung ganas
 Neng Mumun sok tara sare
 Isuk-isuk nggeus panas
 Enak lamun moe pare

 Mang wawan ngaroko surya
 Ulah renang aya tua
 Ngalawan pelita jaya
 Persib meunang satu-dua

Tua=Racun lauk tina akar-akaran.

 Akar toge tong di angeun
 Make sasa make ragi
 Abdi bade milih anjeun
kanggo masa depan abdi

 Markisa daun kasintu
 Buah salak buah manggu
Teu karasa ieu waktu
Sukhoi nabrak geus saminggu

 Kang ardhan asa ku gandang
 Mawa sirib ka bi junah
Adzan atos berkumandang
 Hayu maagrib berjama'ah

 Nyandak artos meser arit
 Meser elap tong ka pasar
 Waktos maju ka burit
 Kade hilap Sholat Asar

 Mang Edi kuring tulungan
Baju alus kahuruan
 Niat mandi ka walungan
 Teu tulus loba parawan

Poe saptu babalapan
 Aya nyonya tapi tampan
 Waktu bade jam dalapan
 Sa'at nya kita sarapan

 Sendal capit tangkal awi
 Babarengan ka kota soklat
Kopi pait beuleum hui
Di sarengan jarum coklat

 Nyieun kembang make kapas
Nyieun kendi make koas
 Lamun hayang awak bodas
Remen mandi ku ci beas

 Neukteuk hoe make arit
Mawa kendi ulah kasar
Ieu poe nggeus burit
Geura mandi Sholat Ashar

 Mang endi mamawa korang
Mawa sapatu make kutang
Geura mandi nggeus beurang
 Poe saptu nggeus datang

Ka cikina jeung mang Nana
 Aya Ratu meni sintal
Panon Tina agustina
Ngaluarkeun batu kristal